dcsimg

Bangbung uncal ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages
 src=
Kumbang Rusa emas

Bangbung uncal (basa Inggris: Stag beetle, basa Malayu: Kumbang rusa), nyaéta salah sahiji rupi bangbung anu jumlahna 12.000 spésiés di kaluwarga Lucanidaé. Bangbung uncal kaasup kana 4 subfamili [1]. Sababaraha spésiés tumuwuh langkung ti 12 cm (4.8 inchi ), nanging lolobana tumuwuh 5 cm (2 inchi ).[2]

Ihtisar

Bangbung uncal dina Basa Inggris disebut stag beetle. Disebut kitu téh ku sabab boga tanduk gedé nu kapanggih dina awak jalu, wangunna ranggaék siga tanduk uncal. Spésiés anu aya di Éropa mangrupa ''Lucanus Cervus'', nanging di Inggris mah disebut "Stag Beetle". Pliny the Elder nyatet nami Lucanus asalna ti wewengkon di Italia Lucania nu mana bangbung uncal dipaké minangka jimat jeung kecap cervus nu hartina uncal.

Bangbung uncal jalu ngagunakeun tanduk pikeun paraséa supaya meunangkeun bikang. Nanging bangbung uncal ogé gelut kumargi parebut inuman sapertos geutah pohon jeung buah buruk.

Bangbung uncal bikang biasana leuwih leutik ti jalu, ku sabab éta tandukna leuwik leutik. Nanging capitanana leuwih matak nyeri ti batan capitan jalu. Larva bangbung uncal bikang tiasa dibéntenkeun kelirna ti bangbung uncal jalu. Anu bikang, kelir tonggongna leuwih koneng batan nu jalu.

Larva kumbang rusa hirup di handapan taneuh sababaraha warsih ngahakanan régang pohon. Saatos éta, larva tumuwuh ngaliwatan 3 babak dugi ka robih jadi kepongpong. Di babak ieu, kepongpong nyumput dina sél kepongpong. Saatos kepongpong, bangbung uncal robah kaayaan jadi bangbung sawawa.

Ukuran Tanduk

 src=
Rupa-rupa ukuran tanduk bangbung uncal

Ukuran tanduk bangbung uncal anu jalu aya sababaraha rupa. Perkawis ieu disebut skala hubungan. Faktorna tiasa ti lingkungan atawa génétik.

Taksonomi

 src=
Kumbang rusa nuju kawin

Ieu mangrupa macem-macem rupi bangbung uncal..

 src=
Bangbung uncal keur ngapung.

[3]

 src=
 src=
 src=
 src=
 src=
 src=
 src=
 src=
 src=
 src=
 src=
 src=

Réferénsi

  1. (en)Smith, A.B.T. (2006). A review of the family-group names for the superfamily Scarabaeoidea (Coleoptera) with corrections to nomenclature and a current classification. The Coleopterists Bulletin 60:144–204.
  2. :Stag_beetle|http://en.wikipedia.org/wiki/Stag_beetle (diakses kaping 16 Oktober 2014) (en)
  3. (en)Mizunuma, T. and S. Nagai. 1994. The Lucanid Beetles of the World. Mushi-sha, Tokyo.

Tutumbu Luar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Bangbung uncal: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages
 src= Kumbang Rusa emas

Bangbung uncal (basa Inggris: Stag beetle, basa Malayu: Kumbang rusa), nyaéta salah sahiji rupi bangbung anu jumlahna 12.000 spésiés di kaluwarga Lucanidaé. Bangbung uncal kaasup kana 4 subfamili . Sababaraha spésiés tumuwuh langkung ti 12 cm (4.8 inchi ), nanging lolobana tumuwuh 5 cm (2 inchi ).

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia