Sénggal atawa (Hemibagrus planiceps) nyaéta lauk anu mibanda kumis panjang, kaasup kana angota kulawarga suku Bagridae.[3] Hirupna di susukan kalawan henteu nyebar jauh mangrupa (endemik) di sabudeureun Jawa Kulon, kelirna awakna coklat semu konéng, mibanda pamatil kénca, katuhu, jeung dina tonggongna .
Pangawakan lauk sénggal kaasup kana ukuran sedeng, panjang awakna kurang ti 20 cm; sanajan kungsi kapireungeuh dina ukuran dewasa nepi ka 263 mm SL (standard length, panjang standar). Hemibagrus planiceps Ciri mandirina taya lian dina sirip/susurina kawilang pondok (adipose fin base) sedengkeun ukuran panjangna lk. 15,5–20,6% SL, kurang tina satengah jarak tungtung susuri tonggongna (dorsal) kana tungtung sirip buntutna. Jarak tungtung susuri tonggongn kana pupuhu siripna nyaéta 12,0–17,3% SL; Mangsa keur nilepmah tungtung sirip dina tonggongna henteu nepika ngahontal tungtung siripna. Wanguna sarimbag jeung H. nemurus anu mangrupa barayana, kelir coklat polos semu konéng; gurat anu aya dina palebah beuteung kenca jeung katuhu kelirna coklat semu konéng. Huluna rada dempak jeung lébar, panjangna kurang leuwih 23,8–27,1% SL. Jarak dua panonna 32,2–37,3% HL (head length, panjang huluna).[4]
Jarak buleudan matana lk. 13,0–21,7% HL. Misai nasal (dekat hidung) lk. 25,4–37,3% HL; sedengkeun misai maksilar (tungtung biwir beulah luhur) kawilang pondok, kurang leuwih 147,5–220,1% HL. Panjang awak nepika palebah bujurna 11,3–14,7% SL; jangkung puhu buntutna 7,1–8,6% SL. Sengal anu jaluna katembong dina palebah bujurna aya anu ngajendil sedengkeun bikangnamah henteu mibanda anu kawaskitu.[4]
Sirip/susuri palebah tonggongna mibanda dua/II (ramo-ramo anu heuras jeung cucukan/pamatil). 7 ramo sésanamah laleuleus tur henteu cucukan; sirip palebah dadana I.8-9(.i); sirip palebah beuteungna i.5; jeung sirip anu aya dina bujurna iii-iv.8-11. Cucuk susuri/sirip anu aya dina tonggongna heuras lk. 8,2–12,4% SL, kalawan 7-8 rérégéan palebah tukangna. Pamatilna seukeut, kurang leuwih 10,0–16,5% SL, nepika 14-16 ieu ogé saruan rérégéan palebah tukangna. Sirip palebah buntutna kabagi dua kawas garpuh ngan tungtungna bulenek (semu buleud) ramo-ramona branchiostegal 8–10.[4]
Sénggal mah anu kapireungeuh ngan hirup disabudeureun Jawa kulon, saperti di susukan Cianten, Cidurian, Cikéas, Ciliwung, Citarum, Cisokan, jeung Cimanuk. Teubéda jeung barayana, sénggal biasana mikaresep hirup dihulu susukan atawa beulah girangeuna anu mibanda cai hérang jeung ngalir rada tarik; béda pisan jeung sénggal (tagih) (H. nemurus) anu mikaresep hirup dina susukan beulah hilireuna jeung caina linduk (tenang) .[4] Cenah sénggal ogé kapanggih di susukan Serayu, Jawa Tengah[5] jeung Surabaya, [[Jawa wétan]][6]. Tacan loba dikanyahokeun ngeunaan asal usul jeung cara megarkeun ieu lauk, Loba rupana anu sarimbbag jeung sénggal hirup di peuntaseun pulo H. planiceps.
Sénggal mangrupa lauk anu dipikaresep, ku lantaran dagingna ngeunah jeung seungit mangsa di asakan.
Hemibagrus planiceps Séngal téh mibanda baraya deukeut, taya lian sababaraha spesies lauk anu sarimbag di antarana waé:[4]
Sénggal atawa (Hemibagrus planiceps) nyaéta lauk anu mibanda kumis panjang, kaasup kana angota kulawarga suku Bagridae. Hirupna di susukan kalawan henteu nyebar jauh mangrupa (endemik) di sabudeureun Jawa Kulon, kelirna awakna coklat semu konéng, mibanda pamatil kénca, katuhu, jeung dina tonggongna .