dcsimg

Cendrawasih Panji ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Cendrawasih Panji ngaran ilmiahna Pteridophora alberti nyaéta sajenis manuk pangicau ukuranana leutik, miboga panjang kira-kira 22 cm, manuk ieu ti genus tunggal Pteridophora.[1] Manuk Cendrawasih Panji jalu dewasamah miboga bulu anu warnana hideung sarta konéng kolot, disirahna aya dua helai bulu kawat anu sisikan biru-langit mengilap, anu panjangna ngahontal 40 cm sarta bisa ditegakkeun dina waktu mikat bikangna.[1] Bulu mantel sarta tonggong tumuwuh manjang ngawangun tudung anu miboga warna hideung.[1] Iris panonna miboga warna coklat kolot, sukuna miboga warna dawuk kacoklatan sarta pamatukna miboga warna hideung jeung bagian sungutna miboga warna héjo laut.[1] Manuk Cendrawasih anu bikang boga warna dawuk kacoklatan kalayan gurat-gurat sarta bintik gelap. Nu bikang ukuranana leuwih leutik ti batan manuk jalu sarta henteu dipapaésan mantel atawa bulu kawat hiasan kawas manuk anu jalu.[1] Kadaharan Cendrawasih Panji nyaéta buah-buahan sarta rupa-rupa sarangga.[2]

Wewengkon sebaran Cendrawasih Panji nyaéta di leuweung pagunungan pulo Irian.[1] Lolobana spésiés manuk séjénna di suku Paradisaeidae, Cendrawasih Panji nyaéta ngawayuh spésiés.[1] Manuk jalu mikat pasangan kalayan ngagunakeun bulu mantel sarta ka dua kawat di sirahna dina ritual tarian.[1] Sanggeus kopulasi, manuk jalu ninggalkeun bikangna sarta mimitian néangan pasangan anu séjén. Manuk bikang netaskeun sarta ngasuh anak manuk sorangan.[1]

Ngaran ilmiah manuk Cendrawasih Panji miéling saurang raja kabangsaan Jerman, Albert I ti Sachsen.[1]

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j (id)[1](diakses kaping 11 november 2011)
  2. (id)[2](diakses kaping 26 november 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Cendrawasih Panji: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Cendrawasih Panji ngaran ilmiahna Pteridophora alberti nyaéta sajenis manuk pangicau ukuranana leutik, miboga panjang kira-kira 22 cm, manuk ieu ti genus tunggal Pteridophora. Manuk Cendrawasih Panji jalu dewasamah miboga bulu anu warnana hideung sarta konéng kolot, disirahna aya dua helai bulu kawat anu sisikan biru-langit mengilap, anu panjangna ngahontal 40 cm sarta bisa ditegakkeun dina waktu mikat bikangna. Bulu mantel sarta tonggong tumuwuh manjang ngawangun tudung anu miboga warna hideung. Iris panonna miboga warna coklat kolot, sukuna miboga warna dawuk kacoklatan sarta pamatukna miboga warna hideung jeung bagian sungutna miboga warna héjo laut. Manuk Cendrawasih anu bikang boga warna dawuk kacoklatan kalayan gurat-gurat sarta bintik gelap. Nu bikang ukuranana leuwih leutik ti batan manuk jalu sarta henteu dipapaésan mantel atawa bulu kawat hiasan kawas manuk anu jalu. Kadaharan Cendrawasih Panji nyaéta buah-buahan sarta rupa-rupa sarangga.

Wewengkon sebaran Cendrawasih Panji nyaéta di leuweung pagunungan pulo Irian. Lolobana spésiés manuk séjénna di suku Paradisaeidae, Cendrawasih Panji nyaéta ngawayuh spésiés. Manuk jalu mikat pasangan kalayan ngagunakeun bulu mantel sarta ka dua kawat di sirahna dina ritual tarian. Sanggeus kopulasi, manuk jalu ninggalkeun bikangna sarta mimitian néangan pasangan anu séjén. Manuk bikang netaskeun sarta ngasuh anak manuk sorangan.

Ngaran ilmiah manuk Cendrawasih Panji miéling saurang raja kabangsaan Jerman, Albert I ti Sachsen.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia