Angsana atawa Pterocarpus indicus nyaéta tuwuhan nu daunna murudul dina mangsa nu tangtu nu mangrupa spésiés Pterocarpus nu asalna ti Asia Tenggara, Australasia kalér, jeung kapuloan Samudera Pasifik, Kamboja, Cina paling kidul, Timor Timur, Indonésia, Malaysia, Gini Anyar Papua, Filipina, Kapuloan Ryukyu, Kapuloan Solomon, Thailand, jeung Viétnam.[1][2]
Angsana mangrupa tuwuhan gedé anu jangkungna bisa ngahontal 30–40 m, kalayan diaméter tangkalna bisa nepi ka 2 m. Panjang daunna 12–22 cm. Kembangna dihasilkeun dina ranggeuyan nu panjangna 6–13 cm sarta ngandung sababaraha kembang; kembangan ti bulan Pebruari tepi ka Méi di Filipina, Bornéo jeung Malaysia. Kembangna rada seungit sarta makuta kembangna boga warna konéng atawa jingga semu konéng. Buahna saperti kacang nu diaméterna 2–3 cm nu dikurungan ku jangjang membran datar nu diaméterna 4–6 cm anu ngabantuan panyebaranana ngaliwatan angin. Ieu jangjang ngandung hiji atawa dua binih nu asak dina jero waktu 4-6 bulan, sarta warnana jadi coklat mangsa garing.[3][4]
Kai angsana anu teuas, tur warnana beureum, tahan ku sarangga sarta ambeuna seungit érmawar. Ieu kai dipaké pikeun dékorasi jeung nyieun furnitur. Kembang angsana dimangpaatkeun salaku sumber madu sedengkeun daunna digunakeun pikeun sampo. Kembang jeung daunna bisa didahar. Ieu tuwuhan ogé jadi sumber résin. Dina pangubaran tradisional, angsana dipaké pikeun merangan tumor lantaran ieu tuwuhan ngandung polipéptida dina daunna.[5]
Urang Sunda mindeng méré ngaran patempatan ku ngaran tuwuhan. ti antara tempat anu dingaranan ku ngaran tuwuhan angsana nyaéta:
Angsana atawa Pterocarpus indicus nyaéta tuwuhan nu daunna murudul dina mangsa nu tangtu nu mangrupa spésiés Pterocarpus nu asalna ti Asia Tenggara, Australasia kalér, jeung kapuloan Samudera Pasifik, Kamboja, Cina paling kidul, Timor Timur, Indonésia, Malaysia, Gini Anyar Papua, Filipina, Kapuloan Ryukyu, Kapuloan Solomon, Thailand, jeung Viétnam.