Hampal (Hampala macrolepidota) nyaéta lauk darat nu asalna tina kulawarga ‘’Cyprinidae’’. [4] [5]Di Sumatra ieu lauk sok disebut ogé sebarau hutan, panjang awakna 1 inchi atawa 25 cm.[5][6] Ieu lauk tacan aya nu ngabudidayakeun, pikeun nyumponan pangabutuh lauk ieu masih kénéh ngandelkeun beubeunangan ngala ti wahangan.[5][7]
Pangawakana panjang, lonyod sarta awakna ipis.[5] Dina palebah beuteung aya gurat kelirna kopi, manjang tina punduk nepi ka handapeun beuteung.[5] [6] Cécépétna mibanda kelir semu koneng, dina palebah puhu cécépét buntutna aya gurat hideung nu ngalangkang.[5] Karesepna ngakan lukut sarta lauk-lauk nu laleutik, sakapeung ogé nyerang lauk séjén. [8] [5] Hirup dina cai hirup (ngalir) ngabring sabatur-batur, dina saabringan aya kana 50 sikina. [8] Sisitna bodas ngagurilap, cécépét palebah beuteungna semu beureum.[9] Loba kapanggih hirup di kamalir sawah, susukan leutik, atawa kulah. [8][9]
|isbn=
value (bantuan). Diakses tanggal 8 Nopember 2019. Hampal (Hampala macrolepidota) nyaéta lauk darat nu asalna tina kulawarga ‘’Cyprinidae’’. Di Sumatra ieu lauk sok disebut ogé sebarau hutan, panjang awakna 1 inchi atawa 25 cm. Ieu lauk tacan aya nu ngabudidayakeun, pikeun nyumponan pangabutuh lauk ieu masih kénéh ngandelkeun beubeunangan ngala ti wahangan.