dcsimg

Éngkang-éngkang ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Éncang-éncang atawa éngkang-éngkang téh serangga prédator anggota famili Gerridae (Leach 1815) nu ngandelkeun tegangan beungeut cai pikeun ngambang. Serangga ieu hirup di pasawahan, ranca, walungan/susukan nu caina tenang, sarta lingkungan cai tenang lianna. Gerakna bisa gancang pisan, nepi ka 1 m/d dina beungeut cai. Aquarius remigis mimitina dingaranan Gerris remigis; genus Gerris mah ti Johan Christian Fabricius taun 1794.

Métode propulsi éncang-éncang

Sato kawas éncang-éncang nu hirup dina beungeut cai kudu méré tekenan ka tukang sangkan ngahasilkeun gaya réaksi (taya lian ti hukum katilu gerak Newton).

Sangkaan mimitina mah éncang-éncang téh mindahkeun momentum kana cai ku jalan nyiptakeun gelombang kapilér dina beungeut cai. Tapi, biofisikawan Mark Denny nunjukkeun, yén pikeun ngalaksanakeun hal ieu mah kudu aya obyék nu gerak leuwih gancang ti 0,25 m/s—jauh leuwih gancang batan kamampuh éncang-éncang. Kontradiksi ieu salajengna katelah salaku paradoks Denny.

Éncang-éncang ngéléhkeun paradoks Denny ku jalan nyiptakeun vortéks hémisferik na cai. Vortéks ieu ngahasilkeun momentum balik antukna meclengkeun serangga ieu ka hareup.

Watek suku hidrofobik éncang-éncang

 src=
Éncang-éncang keur jalangan

(can ditarjamahkeun)

Baca ogé

Rujukan

  • Water strider, Wikipédia édisi basa Inggris (9 Maert 2006)
  • Gao X, Jiang L (2004). "Biophysics: water-repellent legs of water striders". Nature 432 (7013): 36. PMID 15525973.

Tumbu kaluar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Éngkang-éngkang: Brief Summary ( Sundanese )