dcsimg

Mangandeuh ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Mangandeuh (Loranthus) nyaéta ngaran tutuwuhan anu miboga sifat parasit alias dina hirupna teu merlukeun taneuh sabagé média tumuwuhna.[1] Mangandeuh hirup dina dahan-dahan tangkal séjén sarta nyesep mineral anu teu larut, nepi ka éta tangkal paéh.[1] Kembang mangandeuh kaasup bunga berumah satu. Sikina ngandung geutah.[1] prosés ngembang biakna dibantuan ku sasatoan atawa manuk anu ngadahar sikina, siki mangandeuh anu geutahan didahar ku sasatoan atawa manuk tuluy éta siki téh napel dina dahan bareng jeung tai manuk anu ngadaharna téa, sarta tuluy tumuwuh dina éta dahan.[1]

Kandungan

Daun jeung watang mangandeuh ngandung saponin jeung tanin, sedengkeun daunna ngandung alkaloida jeung flanovoida.[2]

Mangpaat

Mangandeuh anu napel dina sawatara tutuwuhan misalna tangkal entéh (Camelia sinensis), dumasar kana pangalaman bisa dipaké ubar anti kanker.[1] Sedengkeun mangandeuh anu napel dina tangkal jeruk nipis (Citrus aurantifolia) bisa dimangpaatkeun pikeun ubar kasakit amandel, umumna mangandeuh bisa dimangpaatkeun pikeun ubar campak.[1] Daun jeung watang mangandeuh ogé bisa digunakeun pikeun ubar kasakit konéng[2] , anti radang, anti baktéri, jeung anti bareuh.[3] Daunna sorangan bisa digunakeun pikeun ubar radang rahim jeung batuk.[3]

Referensi

  1. a b c d e f [1] (id) (Diakses ping 15 Oktober 2011)
  2. a b Kemladean (id) (Diakses ping 15 oktober 2011)
  3. a b HENSLOWIA FRUTESCENS CHAMP. (id) (Diakses ping 15 Oktober 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Mangandeuh: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Mangandeuh (Loranthus) nyaéta ngaran tutuwuhan anu miboga sifat parasit alias dina hirupna teu merlukeun taneuh sabagé média tumuwuhna. Mangandeuh hirup dina dahan-dahan tangkal séjén sarta nyesep mineral anu teu larut, nepi ka éta tangkal paéh. Kembang mangandeuh kaasup bunga berumah satu. Sikina ngandung geutah. prosés ngembang biakna dibantuan ku sasatoan atawa manuk anu ngadahar sikina, siki mangandeuh anu geutahan didahar ku sasatoan atawa manuk tuluy éta siki téh napel dina dahan bareng jeung tai manuk anu ngadaharna téa, sarta tuluy tumuwuh dina éta dahan.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia