Caricangkas (Tettigoniidae) nyaéta sabangsa simeut anu mibanda kelir héjo, suku tukangna leuwih panjang tur ranggoas tapi leuwih leutik batan simeut séjén anu ukuranna sarua.[1] Caricangkas kumisna ogé leuwih panjang, kalawan ngaluarkeun sora anu ngéngkréng utamana datang wanci burit maju ka peuting.[1][2]
Caricangkas asalna tina genus Tettigonia, nu mimiti ditalungtik ku Carl Linnaeus mangsa taun 1748.[3] Kecap tettigonia téh tina basa Latin hartina wereng; basa Yunani tettigonion, hartina leutik (onomatopoeik) τέττιξ, tettix, cicada.[3] Sok disebut ogé "katydid" atawa onomatopoeik.[4]}} Caricangkas kaasup kana sato nokturnal, tayalian mimiti ngencar tina panyumputan mangsa peuting geus datang.[5] Caricangkas mah hésé pisan katempona, ku lantaran kelir jeung pangawakanna méh sarimbag jeung dangdaunan sabudeureunna.[5]
Pangawakanna kawilang leutik, ti mimiti 5 mm nepika 130 mm mangsa geus déwasa.[5] Caricangkas pang leutikna ilaharna hirup didaérah anu garing tur kurang hakaneun, matak awakna laleutik ogé tapi gerakana garesit.[5] Tempat hirup caricangkas dina tatangkalan jeung rungkun kakayon, kadéngé réang disarada mangsa wanci peuting geus datang utamana dina usum halodo.[5] [6]
Anu ngabédakeun caricangkas jeung simeut tayalian ti anteneu atawa kumisna anu panjang, malahan leuwih panjang tibatan awakna sorangan, ogé sukuna ranggoas tur ngajalantir leutik.[5] Umur hirup caricangkas kurang leuwih sataun, mangsa leutik kénéh gancang ngagédéan tapi nangsa geus gedé wakna henteu loba parobahan.[7] Témpona ngendog caricangkas bikang, nunda endogna dina taneuh atawa liang anu aya dina tatangkalan tempat maranéhna hirup.[7] Mangsa endogna megar, anak caricangkas pangawakanna kawas caricangkas déwasa pédah ukurnna leuwih leutik.[7] Kahakanan caricangkas kayaning: dangdaunan, kekembangan, jeung kulit tatangkalan.[8] Sawaréh caricangkas malah dianggap hama pikeun patani, ngan waé jumlahna teupati loba jadi henteu matak ngaganggu kana hasil tatanén.[8]
Caricangkas mata beureum
Caricangkas (Tettigoniidae) nyaéta sabangsa simeut anu mibanda kelir héjo, suku tukangna leuwih panjang tur ranggoas tapi leuwih leutik batan simeut séjén anu ukuranna sarua. Caricangkas kumisna ogé leuwih panjang, kalawan ngaluarkeun sora anu ngéngkréng utamana datang wanci burit maju ka peuting.
Caricangkas asalna tina genus Tettigonia, nu mimiti ditalungtik ku Carl Linnaeus mangsa taun 1748. Kecap tettigonia téh tina basa Latin hartina wereng; basa Yunani tettigonion, hartina leutik (onomatopoeik) τέττιξ, tettix, cicada. Sok disebut ogé "katydid" atawa onomatopoeik.}} Caricangkas kaasup kana sato nokturnal, tayalian mimiti ngencar tina panyumputan mangsa peuting geus datang. Caricangkas mah hésé pisan katempona, ku lantaran kelir jeung pangawakanna méh sarimbag jeung dangdaunan sabudeureunna.
Pangawakanna kawilang leutik, ti mimiti 5 mm nepika 130 mm mangsa geus déwasa. Caricangkas pang leutikna ilaharna hirup didaérah anu garing tur kurang hakaneun, matak awakna laleutik ogé tapi gerakana garesit. Tempat hirup caricangkas dina tatangkalan jeung rungkun kakayon, kadéngé réang disarada mangsa wanci peuting geus datang utamana dina usum halodo.
Anu ngabédakeun caricangkas jeung simeut tayalian ti anteneu atawa kumisna anu panjang, malahan leuwih panjang tibatan awakna sorangan, ogé sukuna ranggoas tur ngajalantir leutik. Umur hirup caricangkas kurang leuwih sataun, mangsa leutik kénéh gancang ngagédéan tapi nangsa geus gedé wakna henteu loba parobahan. Témpona ngendog caricangkas bikang, nunda endogna dina taneuh atawa liang anu aya dina tatangkalan tempat maranéhna hirup. Mangsa endogna megar, anak caricangkas pangawakanna kawas caricangkas déwasa pédah ukurnna leuwih leutik. Kahakanan caricangkas kayaning: dangdaunan, kekembangan, jeung kulit tatangkalan. Sawaréh caricangkas malah dianggap hama pikeun patani, ngan waé jumlahna teupati loba jadi henteu matak ngaganggu kana hasil tatanén.
Caricangkas mata beureum
Caricangkas mata héjo
Caricangkas daun
Nyumput buni dinu caang
Nyaru matak kalinglap