dcsimg

Anthurium ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Anthurium nyaéta salah sahiji génus tutuwuhan hérba tropis tina kulawarga arum (Araceae).[1] Génus ieu ogé geus lila dianggap minangka anggota subfamily Poolidae.[2] Génus ieu diwangun ku leuwih ti 800 spésiés nu kapanggih di daérah tropis New World ti Meksiko ka kaléreun Argéntina nepi ka Uruguay.[3] Anturium dikenal ogé minangka Tongue painted, Flamingo Flower (Flamigo Lily) atawa Tail Flower.[3] Anthurium miboga sifat efipit jeung mangrupa herba asli ti Amerika.[2] Tutuwuhan ieu sok dipelak salaku tutuwuhan hias nu populér.[1] Sababaraha spésiés dipelak sacara lega pikeun didagangkeun di toko-toko kembang.[1] Génus ieu dicirian ku ayana daun wangun péso, kembang keur réproduksi diatur sacara saragam dina gagang ngacung kawas kembang tanduk.[2]

Referensi

  1. a b c (en)Anthurium (diakses 5 Maret 2016)
  2. a b c (en)Genus Anthurium (diakses 5 Maret 2016)
  3. a b (en)Anthuriums (diakses 5 Maret 2016)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Anthurium: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Anthurium nyaéta salah sahiji génus tutuwuhan hérba tropis tina kulawarga arum (Araceae). Génus ieu ogé geus lila dianggap minangka anggota subfamily Poolidae. Génus ieu diwangun ku leuwih ti 800 spésiés nu kapanggih di daérah tropis New World ti Meksiko ka kaléreun Argéntina nepi ka Uruguay. Anturium dikenal ogé minangka Tongue painted, Flamingo Flower (Flamigo Lily) atawa Tail Flower. Anthurium miboga sifat efipit jeung mangrupa herba asli ti Amerika. Tutuwuhan ieu sok dipelak salaku tutuwuhan hias nu populér. Sababaraha spésiés dipelak sacara lega pikeun didagangkeun di toko-toko kembang. Génus ieu dicirian ku ayana daun wangun péso, kembang keur réproduksi diatur sacara saragam dina gagang ngacung kawas kembang tanduk.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia