dcsimg

Mujaér ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Mujaér atawa Jaér nyaéta lauk cai anu biasa didahar ku jalma, wangun awakna gepéng, warnana hawuk, coklat atawa hideung.[1] Ieu lauk asalna ti Afrika sarta mimiti kapanggih di Indonesia ku bapa Mujair di muara walungan Sérang basisir kidul Blitar Jawa Timur dina taun 1939.[1] Lauk mujaér gancang badagna.[1] Panjang total awak panggedéna nyaéta 40 cm, loba dibudidayakeun di Jawa Barat, Jawa Tengah, Sumatera, jeung Kalimantan.[1]
Mujaer kaasup sato omnivor, di alamna muajer biasa ngadahar tutuwuhan cai, diatom, chlorophycéae, dinophycéae jeung crustaséa, sedengkeun anakna dahar fitoplankton jeung zooplankton.[2] Ciri-ciri mujaér bikangna nyaéta aya 3 liang dina urogenetial nyaéta bool, liang kaluarna endog sarta liang kaluarna urin.[3] Tungtung cécépét boga warna beureum sepa, warna beuteung leuwih bodas, warna gado ogé bodas, sarta lamun beuteungna distriping henteu ngaluarkeun cairan.[3] Sedengkeun ciri-ciri mujaér jaluna nyaéta dina pakakas urogenetial ngan aya dua liang nyaéta; bool, sarta liang kaluarna spérma sakaligus liang kaluarna urin.[3] Tungtung cécépét boga warna beureum caang, warna beuteung jeung gado leuwih poék, sarta lamun beuteung distriping baris ngaluarkeun cairan.[3]

Referensi

  1. a b c d Mujair(id)(Diakses ping 17 Oktober 2011)
  2. Kordi, Ghufran. 2010. Panduan Lengkap Memelihara Ikan Air Tawar di Kolam Terpal. Yogyakarta:Lili Publisher.Hal. 17
  3. a b c d Mujair (id) (Diakses ping 1 November 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Mujaér: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Mujaér atawa Jaér nyaéta lauk cai anu biasa didahar ku jalma, wangun awakna gepéng, warnana hawuk, coklat atawa hideung. Ieu lauk asalna ti Afrika sarta mimiti kapanggih di Indonesia ku bapa Mujair di muara walungan Sérang basisir kidul Blitar Jawa Timur dina taun 1939. Lauk mujaér gancang badagna. Panjang total awak panggedéna nyaéta 40 cm, loba dibudidayakeun di Jawa Barat, Jawa Tengah, Sumatera, jeung Kalimantan.
Mujaer kaasup sato omnivor, di alamna muajer biasa ngadahar tutuwuhan cai, diatom, chlorophycéae, dinophycéae jeung crustaséa, sedengkeun anakna dahar fitoplankton jeung zooplankton. Ciri-ciri mujaér bikangna nyaéta aya 3 liang dina urogenetial nyaéta bool, liang kaluarna endog sarta liang kaluarna urin. Tungtung cécépét boga warna beureum sepa, warna beuteung leuwih bodas, warna gado ogé bodas, sarta lamun beuteungna distriping henteu ngaluarkeun cairan. Sedengkeun ciri-ciri mujaér jaluna nyaéta dina pakakas urogenetial ngan aya dua liang nyaéta; bool, sarta liang kaluarna spérma sakaligus liang kaluarna urin. Tungtung cécépét boga warna beureum caang, warna beuteung jeung gado leuwih poék, sarta lamun beuteung distriping baris ngaluarkeun cairan.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia