dcsimg

Kalapa ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kalapa (Cocos nucifera) mangrupa anggota Famili Arecaceae (kulawarga palem), hiji-hijina spésiés dina Genus Cocos, nu mangrupa palem badag, jangkungna bisa nepi ka 30 m, panjang barangbang 4–6 m (semplak mun geus garing), 'daun' 60–90 cm. Istilah kalapa leuwih nujul ka buahna, lain tangkalna.

Asal-usul jeung budidaya

Asal-usul ieu tangkal nepi ka kiwari masih dipadungdengkeun; aya nu nyebut asli Asia Tenggara, aya ogé nu nyebut palsu Amérika Kidul. Catetan fosil ti Selandia Anyar nunjukkeun yén tutuwuhan sarupa kalapa, tapi leutik, geus aya di daérah éta 15 juta taun ka tukang. Fosil nu leuwih heubeul aya ogé di Rajastan & Maharastra, India. Nu puguh, kalapa geus sumebar ka sakuliah dunya tropis, sigana mah dibantu ku para palaut. Kalapa bisa ngambang antukna bisa waé sumebar kabawa palid ku ombak laut: anu palid nepi ka Norwégia waé kanyahoan hirup kénéh (bisa tumuwuh). Di kapuloan Hawaii, kalapa téh dianggap tutuwuhan bawaan urang Polinésia ti lemah caina di Pasipik Kidul.

Sumber rujukan

  • Coconut, Wikipédia édisi basa Inggris (27 Maret 2006)

Tumbu kaluar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Kalapa: Brief Summary ( Sundanese )