Tonggérét nyaéta sajenis insékta anu ngaluarkeun sora anu has ti éta insékta. Sora anu dihasilkeun ku éta insékta téh ngoncrang pisan, cicingna tonggérét téh nyaéta dina tatangkalan jeung tahan lila dina tatangkalan.[1]
Tonggérét téh ayana heunteu di Sunda waé tapi di Jawa gé aya ngan béda ngaran hungkul. Lamun di Jawa mah di sebutna garengpung atau uir-uir.[1]
Wangun tonggérét téh jiga laleur tapi mun laleur mah leutik, tonggérét mah gedé tapi aya ogé tonggérét nu bentukna leutik. Tonggérét boga jangjang anu transparan jeung mata anu gedé warna hideung.[1]
Tonggérét hirup di iklim anu tropis contohna di Indonésia. Munculna tonggérét bisa dicirian pas ahir usum hujan, tonggérét bakal kaluar di taneuh terus naék ka permukaan taneuh terus sanggeus kitu tonggérét bakal kawin jeung lawan jenisna, sanggeus kawin tonggérét bikang bakal nyimpen endogna di taneuh terus sanggeus kitu tonggérét bakal paéh. Tonggérét boga fase anu luar biasa nyaéta tonggérét hirup salila 17 tahun dina fase larva, sanggeus éta ukur 3 poé saenges jadi larva bakal jadi Insékta dewasa terus bakal bisa ngareproduksi. Sanggeus nungguan salila 17 tahun téh, 3 poé jadi Insékta, saminggu ti éta bakal paéh.[1]
Tonggérét sawawa panjangna 2 - 5 cm, najan di Malaysia mah aya Pomponia imperatoria nu panjangna nepi ka 15 cm. Panon tonggérét mah pajauh, nonjol di sisi kénca-katuhu huluna, anténeuna pondok, aya di antara/hareupeun panonna, sedengkeun jangjang hareupna mémbranan. Di wewengkon nu tiris, tonggérét bisa manaskeun awakna sorangan, sedengkeun di daérah sagara keusik nu panas bisa nurunkeun hawa awakna (ku cara ngésangan manéh).
Tonggérét jalu boga tymbal, sumber sorana nu nongtoréng, dina sisi handap abdoménna. Sorana téh lain stridulasi sakumaha dina jangkrik (nu ngaluarkeun sora tina gésékan jangjang luarna): tymbal téh bagian éksoskeleton nu dirobah jadi mémbran kompléks nu ngandung mémbran ipis. Mémbran ieu digeterkeun gancang pisan ku otot anu kuat, nu lajeng dirésonansikeun ku rongga nu diturunkeun tina trahéa, antukna sorana narikan. Aya tonggérét nu sorana bisa ngaleuwihan 106 dB (SPL), pangtarikna ti antara gegeremet nu ngaluarkeun sora.
Sanggeus jalangan, bikangna bakal nyelapkeun endogna dina sela-sela kai. Nalika megar, bilatungna bakal ragrag kana taneuh pikeun ngamimitian daur hirup lianna, nu katelah kuuk. Daur hirup tonggérét bisa nepi ka 2-5 taun, malah sababaraha spésiés mah aya nu bisa leuwih (daur hirup Magicicada bisa nepi ka 13-17 taun). Daur hirup nu panjang ieu mangrupa adaptasi pikeun nyingkahan prédasi, sangkan pola hirupna teu luyu jeung daur hirup tonggérét. Nu ahéng téh yén angka 13 jeung 17 téh angka prima; tonggérét nu daur hirupna 15 taun bisa dimangsa ku prédator nu daur hirupna tilu atawa lima taun. Tina mangsa hirup nu sakitu lilana, tonggérét téh lolobana aya dina bentuk kuuk, nu hirup na jero taneuh (30 cm nepi ka 2,5 méter).
Sanggeus nincak kana mangsana, ieu kuuk bakal kaluar tina taneuh sarta naék kana tatangkalan di deukeutna. Di dinya kuuk lajeng bakal asup kana hambalan hirupna anu panungtung salaku tonggérét sawawa.
Liang kaluar kuuk (Jepang)Aya rébuan spésiés tonggérét, nu disusun kana dua famili: Tettigarctidae jeung Cicadidae. Spésiés Tettigarctidae nu hirup kénéh aya dua: hiji di Australia Kidul, hiji deui di Tasmania. Famili Cicadidae dibagi kana subfamili Tettigadinae, Cicadinae jeung Tibicininae, nu kabéhanana aya di sakuliah dunya, iwal Antartika.
Spésiés tonggérét di Amérika Kalér lolobana kaasup genus Tibicen—tonggérét taunan, tapi nu paling dipikanyaho mah genus Magicicada. Tonggérét ieu mah daur hirupna téh panjang pisan (13 atawa 17 taun), sarta mucunghul dina jumlah anu mahabu. Spésiés Amérika lianna, di antarana Tonggérét Apacé (Diceroprocta apache).
Di Selandia Anyar, tonggérétna kabagi kana 38 spésiés ti 5 genera, nu kabéhanana éndemik Selandia Anyar jeung kapuloan sabudeureunana (Kapuloan Norfolk, Kalédonia Anyar).
Tonggérét nyaéta sajenis insékta anu ngaluarkeun sora anu has ti éta insékta. Sora anu dihasilkeun ku éta insékta téh ngoncrang pisan, cicingna tonggérét téh nyaéta dina tatangkalan jeung tahan lila dina tatangkalan.
Tonggérét téh ayana heunteu di Sunda waé tapi di Jawa gé aya ngan béda ngaran hungkul. Lamun di Jawa mah di sebutna garengpung atau uir-uir.
Wangun tonggérét téh jiga laleur tapi mun laleur mah leutik, tonggérét mah gedé tapi aya ogé tonggérét nu bentukna leutik. Tonggérét boga jangjang anu transparan jeung mata anu gedé warna hideung.
Tonggérét hirup di iklim anu tropis contohna di Indonésia. Munculna tonggérét bisa dicirian pas ahir usum hujan, tonggérét bakal kaluar di taneuh terus naék ka permukaan taneuh terus sanggeus kitu tonggérét bakal kawin jeung lawan jenisna, sanggeus kawin tonggérét bikang bakal nyimpen endogna di taneuh terus sanggeus kitu tonggérét bakal paéh. Tonggérét boga fase anu luar biasa nyaéta tonggérét hirup salila 17 tahun dina fase larva, sanggeus éta ukur 3 poé saenges jadi larva bakal jadi Insékta dewasa terus bakal bisa ngareproduksi. Sanggeus nungguan salila 17 tahun téh, 3 poé jadi Insékta, saminggu ti éta bakal paéh.