dcsimg

Andawali ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Andawali kaasup tangkal nu ngarambat, manjang hirupna, ajeg, jangkungna ngahontal 15 méter, kaambeuna seukeut, ilaharna hirup dina taneuh nu beueus sarta ngandung loba humus, ieu pepelakan liar téh ayana di leuweung.[2] Watangna sagedé ramo cingir, bintil-bintil rapet sarta rasana pait, daunna tunggal, aya gagangan, wangunna kawas jantung atawa rada buleud jiga endog turta tungtungna léncop, panjangna 7–12 cm, rubakna 5–10 cm, kembangna leutik, kelir héjo ngora, ngawangun turuy semu, andawali ogé bisa dipelak ku cara disték.[3] Ieu pepelakan téh asalna ti Asia kidul-wétan, contona di Indo Cina, Semenanjung Melayu, Filipina sarta Indonésia (Jawa, Bali, Ambon).[4] Di Sumatera, andawali téh dipikawanoh ku ngaran anyar cina; disawaréh Jawa Kulon nyebutna batrawali; di Jawa disebut daun manis, brobos krebo, beunghar kucicing, jukut lokot mala, jeung suket gajahan. Di Kapuloan Maluku disebut kolo, goro-goro cina; di Cina disebut cam cao, ai ye; sedengkeun di Sunda disebut brotowali, andawali.[2]

Khasiat

Dina tangkal andawali, kulit jeung watang andawali ngandung zat-zat kawas alkaloida sarta damar béyé, boga warna konéng keur akarna ngandung zat berberin sarta kolumbin.[4] Eusi alkaloid berberina kapaké pikeun maéhan bakteri dina tatu.[4] Andawali ogé méré mangpaat pikeun nambahan napsu dahar sarta nurunkeun kadar gula.[4] Zat pait pikroretin bisa ngarangsang gawé urat saraf ku kituna pakakas pernapasan nu gawéna kalayan alus sarta leuwih ngabantu patukerna zat, ku kituna bisa nurunkeun panyakit panas.[4] Salian ti éta ogé khasiatna bisa ngubaran rematik, konéngeun, sarta diabétés.[5] Pepelakan andawali ogé bisa jadi ubarpanyakit diséntri, bronkitis, kaguguran, utah getih, sarta pendarahan dina usus.[2]

Cara Nyieun Ubar tina Andawali

Pepelakan andawali (Tinospora Crispa) geus lila dipaké ku nini moyang bangsa Indonésia pikeun ngubaran sagala rupa panyakit.[5] Salah sahijina nyaéta minangka ubar panyakit diabétés sarta ngabersihan getih. Pepelakan andawali émang cukup beunghar kalayan eusi bahan kimiana anu méré mangpaat.[5] Di antarana alkaloid, damar beyé, pati, glikosida pikroretosid, zat pait pikroretin, harsa, berberin, palmatin, kolumbin, sarta kokulin. Kalayan rupa-rupa eusi kasebut andawali miboga éfék minangka nu ngajaga rasa gering, antipiretik, ngalancarkeun meredian sarta antineoplastik.[6]

Sipat pepelakan ieu tiis jeung rasa pait ku kituna pas pikeun ngobatan gering diabétés.[5] Dina Nyéngharkeun tanaga alatan getih sanggeus ngalahirkeun, cokot 4 potong andawali, kulub dina 6 gelas cai nepi ka nyésa 2 gelas, terus diinum. Lakukeun 2 x 1 gelas sapoé saacan dahar nepi ka cageur deui.[2] 

Dina ngubaran diséntri ogé bisa ku andawali, carana nyaéta: andawali dicampur jeung jahé, dikulub dina 4 gelas cai, nepi nyésa 2 gelas. Diinum 3 x 1 gelas sapoé.[2] Panyakit ayan atawa épilèpsi ogé bisa dicagerkeun ku andawali. Carana: cokot akar andawali sacukupna, 1 rimpang jahé, saeutik gula, terus kulub dina 4 gelas cai, nepi nyésa 2 gelas. Cai kuluban éta terus diinum sapoé 2 x 1 gelas.[2]

 src=
Tangkal Andawali

Cara Melak Andawali

Salaku nu kaasup tangkal ubar, andawali bisa dipelak ku cara sték, saperti di handap ieu:

  • Milih tangkal andawali nu hadé.[2]
  • Keureut kira-kira 15 nepi 20 cm.[2]
  • Sangkan menagkeun hasil nu hadé, teu langsung dipelak di kebon, tapi leuwih hadé dipelak heula di pot atawa polibak.[2]
  • Sanggeus pot atawa polibék dieusi taneuh, pelakeun di pot/polibak tungtung handap andawali nu geus dikeureut tadi.[2]
  • Simpen di tempat nu iuh, jauhkeun tina sorot panonpoé.[2]
  • Sébor paling lila 2 poé sakali.[2]
  • Sanggeus sababaraha minggu, jeung sirungna rada jangkung, tangkal andawali kudu dipindahkeun ka kebon.[2]

Rujukan

  1. (en) klasifikasi ilmiah
  2. a b c d e f g h i j k l m (id)Tim Guru Cinta Lingkungan. 2006.Pendidikan Lingkungan Hidup.Bandung. kaca 9
  3. (id) andawali (Diaksés kaping 21 Séptémber 2011)
  4. a b c d e (id)wilayah pepelakan (Diakses ping 21 Séptémber 2011)
  5. a b c d mangpaat andawali(Diakses pada tanggal 21 September 2011)
  6. Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226.
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Andawali: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Andawali kaasup tangkal nu ngarambat, manjang hirupna, ajeg, jangkungna ngahontal 15 méter, kaambeuna seukeut, ilaharna hirup dina taneuh nu beueus sarta ngandung loba humus, ieu pepelakan liar téh ayana di leuweung. Watangna sagedé ramo cingir, bintil-bintil rapet sarta rasana pait, daunna tunggal, aya gagangan, wangunna kawas jantung atawa rada buleud jiga endog turta tungtungna léncop, panjangna 7–12 cm, rubakna 5–10 cm, kembangna leutik, kelir héjo ngora, ngawangun turuy semu, andawali ogé bisa dipelak ku cara disték. Ieu pepelakan téh asalna ti Asia kidul-wétan, contona di Indo Cina, Semenanjung Melayu, Filipina sarta Indonésia (Jawa, Bali, Ambon). Di Sumatera, andawali téh dipikawanoh ku ngaran anyar cina; disawaréh Jawa Kulon nyebutna batrawali; di Jawa disebut daun manis, brobos krebo, beunghar kucicing, jukut lokot mala, jeung suket gajahan. Di Kapuloan Maluku disebut kolo, goro-goro cina; di Cina disebut cam cao, ai ye; sedengkeun di Sunda disebut brotowali, andawali.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia