dcsimg

Lancah ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Lancah mangrupa sato invertebrata nu bisa ngahasilkeun "serat", sarta boga dalapan suku, tanpa jangjang. Pertélana mah, lancah téh anggota arachnida ordo Aranéae, nu kabagi jadi dua sub-ordo: Opisthothelae (nu ngawengku infraordo Mygalomorphae (lancah trapdoor jeung tarantula) jeung Araneomorphae (lancah modéren), sarta Mesothelae, nu ngawengku famili Liphistiidae, lancah nu sok ngaliang ti Asia. Ulikan ngeunaan lancah disebutna arachnology.

lolobana lancah sok nyieun ramat pikeun ngeurad mangsana (umumna serangga). Ramat ieu dijieun tina serat lancah, lambaran protéin ipis tapi liat nu dikaluarkeun tina spinérét nu aya dina bujurna. Pikeun ukuran lancah mah, serat ieu téh leuwih kuat batan baja. Najan sakabéh lancah ngahasilkeun serat, teu kabéh ngaramat. Serat ieu bisa ngabantu nalika nérékél, pinding pikeun liangna, wadah endogna, ngabulen mangsana, jsb.

Morfologi jeung kamekaran

Béda jeung serangga, lancah mah boga ukur dua tagmata, henteu tilu; gabungan hulu jeung dada (disebut sefalotoraks atawa prosoma) jeung abdomén (disebut opistosoma). Abdoménna ogé geus teu bukuan, iwal sababaraha spésiés primitif (Liphistiidae). Abdomén jeung sefalotoraksna disambungkeun ku "cangkéng" ipis nu disebut pedikel atawa pregenital somite. Cangkéng ieu sabenerna mah mangrupa buku panungtung sefalotoraks nu di lolobana Arachnida mémang geus leungit (na kalajengking gé ukur aya dina mangsa émbrio).

Béda nu séjénna ti gegeremet nyaéta tina jumlah sukuna nu dalapan (gegeremet mah genep), teu boga anteneu, sarta panonna nu lénsa tunggal, lain majemuk.

Daur hirup Lancah

Baranahan

Ékologi

Rupa-rupa lancah jeung seureudanana

Nepi ka kiwari, spésiés lancah anu geus kaidéntifikasi téh geus leuwih ti 38.000. Dumasar kapinteranana dina nyumput, mun dikira-kira mah jumlah-jamléh, kabéhanana téh bisa nepi ka 200.000 spésiés. Sakabéh spésiés lancah téh peurahan (iwal kulawarga Uloboridae jeung Heptthelidae), tapi nu ngabahyakeun manusa mah ukur 40-an.

Panyoco lancah

Ilaharna mah lancah téh moal nyeureud manusa, sabab manusa mah teu dianggap mangsa. Nyeureud sotéh mun ngarasa kaancam.

Taksonomi

Pikeun leuwih jéntré ngeunaan genera jeung spésiés lancah, mangga baca taksonomi Araneae.

Baca ogé

Rujukan

  • Spider, Wikipédia édisi basa Inggris (6 Maret 2006).
  • Bristowe, W. S.. 1958. The World of Spiders. Collins (New Naturalist), London.
  • The Life of the Spider, karya John Crompton. Mentor, 1950.
  • Biology of Spiders, karya Rainer F. Foelix, 1982 jeung 1996 (éd. ka-2)
  • The Book of the Spider, karya Paul Hillyard, Random House, New York 1994
  • Dr. Tatiana's Sex Advice to All Creation: The Definitive Guide to the Evolutionary Biology of Sex, karya Olivia Judson, Metropolitan Books 2002
  • How to Know the Spiders, karya B. J. Kaston. Dubuque, 1953
  • Spiders, karya Barbara York Main, Collins (The Australian Naturalist Library), Sydney 1976
  • Spiders of Britain and Northern Europe, karya Michael J. Roberts, Collins, London 1995
  • Spiders of North America: an Identification Manual, karya Darrell Ubick, Pierre Paquin, Paula E. Cushing, & Vincent Roth, American Arachnological Society 2005
  • Wise, David H. "Spiders in Ecological Webs." Cambridge University Press. Gréat Britain: 1993.

Tumbu kaluar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Lancah: Brief Summary ( Sundanese )