Bako (Nicotiana spp., L.) nujul ka hiji genus tutuwuhan nu daunna lébar pituin Amérika Kalér jeung Kidul, atawa siksikan daunna nu geus digaringkeun. Daun bako sok diudud (baca udud bako) dina bentuk roko atawa bentuk séjénna. Bako ogé sok diseupah, atawa diseuseup tipungna.
Kecap basa Spanyol "tabaco" cenah asalna tina basa Arawakan atawa basa Taino ti Karibia, nu nujul ka gulungan daun bako (numutkeun Bartolome de Las Casas, 1552) atawa "tabago", sarupaning solobong nu bentukna "Y" pikeun nyeuseup haseup bako (numutkeun Oviedo), tapi "tabaco" (ogé It. "tobacco") ilahar dipaké pikeun nyebut tutuwuhan ubar taun 1410, nu asalna tina basa arab "tabaq", nu geus dipaké sahanteuna ti abad ka-9.
Bako ngandung alkaloid nikotin, neurotoksin kuat nu bisa maéhan serangga. Konsumsi bako, dina bentuk kumaha baé, bakal nyerep nikotina kana aliran getih, antukna lila-lila mah bisa ngabalukarkeun toléransi jeung kacanduan. Dosis létal nikotin sabenerna mah dikandung dina tilu watang roko (hiji satengah surutu), tapi da lolobana mah nikotin téh teu kaseuseup; kasus signifikan karacunan nikotin mah lolobana balukar tina nikotin dina inséktisida. Alkaloid aktif lianna nu aya dina bako nyaéta alkaloid harmala.
Udud bako bisa ngabalukarkeun kasakit kangker jeung strok, gangguan pernapasan jeung jantung[1], harepan hirup ogé sacara signifikan mondokan [2]. Loba nagara nu geus narékahan ngerém konsumsi roko, kalawan tujuan pikeun ngurangan résiko beban kaséhatan publik. Résiko katarajang kangker nu leuwih gedé téh sigana alatan ayana nitrosamina jeung sanyawa karsinogén nu aya dina bako jeung résidu pamanasan anaérobik nalika rokona diduruk.
Urang Amérika geus maké bako saméméh bangsa Éropah nepi ka buana éta. Malah sumebarna bako ka sakuliah dunya téh dimimitian nalika bangsa Éropah nu datang ka Amérika balik deui ka Éropah bari mawa éta kabiasaan.